Jumat, 01 Agustus 2008

Hatur Nuhun kanggo Ibu Euis Kuraesin

Tahun 1980, kuring asup SD. Asup SD teh teu ka TK heula. Jadi, mimiti diajar maca jeung nulis teh nya harita we pas mimiti asup ka SD. Harita nu jadi guru kelas hji teh namina ibu Euis Kuraesin. Ibu Euis teh kacida bageurna, nepika kuring mah anu asalna sieun asup sakola teh jadi asa betah wae. Geus mangtaun-taun kuring can pernah panggih deui jeung ibu Euis teh. Sono pisan, sabab nepi ayeuna ge sok inget wae kana jasa-jasana. Anjeunna nu mimiti ngajarkeun nulis jeung maca teh, kitu oge pelajaran berhitung. Bisa nulis dina blog ieu teh, tangtu pisan aya jasa ibu Euis. Ibu, Teu aya deui anu bade didugikeun kajabi ngahaturkun mangrebu-rebu nuhun. Mudah-mudahan Allah SWT maparinan ganjaran nu manglipet-lipet. Amien....

2 komentar:

hendra mengatakan...

duh abiMah Hilpap deui guru TK teh
jd teu bisa Ngucapkeun Nuhun
Tp Kanu Gaduh Ieu Blog We Ngucapkeun Hatur NuhunNa DA AnjeunNa Anu Mimiti Ngajarkeun bhs jpg,d mimiti hiragana +Katakana da Kanji MAh teu Kaburu WktNa:d bari jeung 2 minggu;))
Tp bener ANu BiasaNa males Lmn d Ajar Ku ANjeuNa Mah sok Sumangeut duka Ku Naon Tah:d
PokokNa Mang Rebu2 Nuhun Sensei Mugia Janteun Amal zariah:d

Anonim mengatakan...

pasihan we Fs na.