Sabenerna mah loba pisan cita-cita kuring keur leutik teh. Mun teu jadi guru, hayang jadi atlet. Tapi teuing kumaha kadieunakeun cita-cita teh jadi teu puguh. Sakapeung hayang jadi bentang pilem (he he), sakapeung hayang jadi doktor, sakapeung hayang jadi tantara. Malah pernah hayang jadi presiden oge...
Karesep keur leutik teh rupa-rupa, maen pingpong mah, maen bal mah, maca buku mah, jeung rea-rea deui. Komo mae bal mah, kajeun teuing bobolokot leutak nepi balik dicarekan ku indung bapa, eh angger we teu kapok-kapok. Ma'lum harita mah taun 80-an boga idola pamaen PERSIB, Adjat Sudradjat tea.
Nincak SMA tahun 89, kuring mimiti mikir yen jelema teh kudu boga kaahlian anu bener sangkan bisa nyanghareupan hirup mandiri. Hayang jadi pamaen bal, kondisi pisik teu pati ngarojong. Awak teh asa teu ngajangkungan jeung leutik wae, jadi mu ngadu awak jeung batur teh kaeelehkeun. Memang harita aya pamaen PERSIB anu awakna leutik, nyaeta Yusuf Bachtiar. Tapi pan manehna mah dirojong ku bakat jeung kamampuan skill anu hade. Ahirna teu jadi hayang jadi pamaen bal teh. Hayang jadi tentara, nya kitu tea moal lulus test pisik. Hayang jadi bentang pilm, waduh....kumahaa kitu nya.
Sanggeus mikir anu jero, kuring ahirna manggihan ide ngeunaan kaahlian jeung pagawean naon anu teu pati merlukeun kamampuan pisik jeung beungeut sarta bakal kapake saumur hirup. Nyaeta jadi ahli bahasa asing. Modalna ngan biwir wungkul (rada jebleh ge bae ah he he..) eta mah rek jadi guru basa asing atawa penerjemah tea. Alhamdulillah, harita taun 90-an di SMA jurusan IPS teh aya pelajaran basa Jepang. Guruna teh bu Rina nu geulis jeung bageur tea. Keur mah sumanget ninggali guruna (punten bu!!), ditambah sumanget hayang bisa basa Jepang, nya diajar teh soson-soson pisan. Nincak kelas tilu, panggih deui jeung pelajaran basa Jepang anu guruna teh bu Ida. Leuwih soson-soson deui da tereh kaluar SMA, nepika dina ijasah teh rek dibere nilei 10, tapi ku wali kelas dikurangan jadi 9 (nu lain mah nilai teh dikatrol, na ari kuring kalahka dikurangan he he...). Cenah, alesanna teh beurat teuing mun dibere nilai 10 teh. Wios bu guru ah...nilai dina ijasah mah da formalitas wungkul nya bu!!
Lulus ti SMA, taun 92 kuring neruskeun ka jurusan basa Jepang di STBA Yapari-ABA Bandung. Malah taun 96 meunang kasempetan diajar sataun di Jepang. Sanggeus lulus taun 99 langsung gawe di perusahaan Jepang jadi penerjemah.
Taun 2000, mimiti gawe jadi guru kursus basa Jepang. Betah jadi guru mah, lain kunanaon... modal spidol atawa kapur tapi berkuasa!! sok wae bayangkeun, kajeun teuing presiden mun asup kursus ka kelas kuring mah, wayahna we kudu ngaregepkeun pelajaran kuring. komo mun dititah ngerjakeun PR mah, kudu dilaksanakeun..kitu deui jadi penerjemah, moal aya wates umurna sarta teu butuh kamampuan pisik atawa penampilan beungeut...kitu tah alesan kuring milih kaahlian basa Jepang teh. Satuju teu satuju, eta mah ceuk kuring...
Senin, 04 Agustus 2008
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
1 komentar:
abdi mah teu gaduh cita-cita nu pasti, kumaha we dicandak nasib. mung ngadu'a teh mugi-mugi we mun abdi peryogi dina mangsana eta kaperluan tos dipibanda boh elmu atanapi pakarangna. alhamdulillah allah masih nangtayungan keneh ka abdi. oge teu hilap ka sensei sadayana di JIAEC senta tos meukeulan abdi ku elmu. alhamdulillah tiasa bahasa jepang sa alit-sa alitmah cukup we pikeun nyarekan urang jepang-jepang wae mah. arigato pisan sensei.
Posting Komentar