Kamis, 07 Agustus 2008

Kaite atawa Katte?

Hiji poe di asrama, karek anggeus mandi jeung dibaju, kuring muka panto kamar..teu lila aya saurang murid ngaliwat. Ceuk manehna teh "Ohayou gozaimasu!". Terus maneh na teh menta ijin rek kaluar keur hiji kaperluan. Manehna ngomong, " Sensei, gyuunyuu o kaite mo ii desuka?". Barang ngadenge kitu kuring langsung hulang-huleng. Maenya "gyuunyuu" digambar? gambarna siga kumaha? kalengna atawa sumberna? untung gyuunyuu teh kaluarna tina sapi he he he. meureun maksudna mah rek meuli gyuunyuu. atuh mun kitu mah leuwih hade ngomongna " gyuunyuu o katte kimasu". Ceuk saya ieu ge, teuing ceuk si botak nu cicing di kantor mah. He he..punten ah!

Senin, 04 Agustus 2008

"Beli dong, jangan pinjam melulu!"

Kisah ini terjadi ketika aku kelas 2 SMP. Keur meujeuhna mimiti beger...(mulai puber he he). Waktu itu di kelas lagi pelajaran menggambar. Gurunya seorang perempuan, sebut aja namanya Ibu Bunga (heu heu kayak berita di koran lampu merah aja). Namanya mulai puber, wajarlah kalo sering cari perhatian di mata teman-teman perempuan di kelas. Jadi rada-rada vokal gitu lah...Posisi dudukku ada di deretan belakang. Sementara di kursi paling depan dekat ibu guru, teman-temanku yang cewek yang duduk di sana.

Tiba-tiba, teman cewekku yang duduk paling depan dekat bu guru itu berteriak, "Hai teman-teman, siap yang punya pensil dua, pinjam dong satu!". Kontan saja aku yang lagi seneng cari perhatian balik teriak, " Pinjam melulu, beli dong. Pake modal dikit knapa?". Teman-teman sekelasku pada ketawa. Bangga rasanya aku bisa bikin teman sekelasku ketawa. Tapi tiba-tiba temanku yang teriak minta pinjam pensil tadi memberi tanda dengan telunjuknya menunjuk ke arah ibu guru, sambil bibirnya ngomong tanpa suara " ibu, tuh ibu". Waduh, rupanya yang pinjam pensil tadi bukan teman perempuanku itu, tapi si ibu guru. Ternyata si ibu guru pinjamnya sama temanku dengan suara pelan, dan temanku gak punyapensil dua. Kontan aja, aku diam gemetaran. Aku malu, si Ibu hanya tertunduk malu. Wajahnya memerah, teuing beungeut urang mah..sarua we meureun. Ibu guru, maaf ya..aku gak tahu. Lagian knapa sih ibu mesti pinjam pensil segala..

Naha Kuring Bet Diajar Basa Jepang...

Sabenerna mah loba pisan cita-cita kuring keur leutik teh. Mun teu jadi guru, hayang jadi atlet. Tapi teuing kumaha kadieunakeun cita-cita teh jadi teu puguh. Sakapeung hayang jadi bentang pilem (he he), sakapeung hayang jadi doktor, sakapeung hayang jadi tantara. Malah pernah hayang jadi presiden oge...

Karesep keur leutik teh rupa-rupa, maen pingpong mah, maen bal mah, maca buku mah, jeung rea-rea deui. Komo mae bal mah, kajeun teuing bobolokot leutak nepi balik dicarekan ku indung bapa, eh angger we teu kapok-kapok. Ma'lum harita mah taun 80-an boga idola pamaen PERSIB, Adjat Sudradjat tea.

Nincak SMA tahun 89, kuring mimiti mikir yen jelema teh kudu boga kaahlian anu bener sangkan bisa nyanghareupan hirup mandiri. Hayang jadi pamaen bal, kondisi pisik teu pati ngarojong. Awak teh asa teu ngajangkungan jeung leutik wae, jadi mu ngadu awak jeung batur teh kaeelehkeun. Memang harita aya pamaen PERSIB anu awakna leutik, nyaeta Yusuf Bachtiar. Tapi pan manehna mah dirojong ku bakat jeung kamampuan skill anu hade. Ahirna teu jadi hayang jadi pamaen bal teh. Hayang jadi tentara, nya kitu tea moal lulus test pisik. Hayang jadi bentang pilm, waduh....kumahaa kitu nya.

Sanggeus mikir anu jero, kuring ahirna manggihan ide ngeunaan kaahlian jeung pagawean naon anu teu pati merlukeun kamampuan pisik jeung beungeut sarta bakal kapake saumur hirup. Nyaeta jadi ahli bahasa asing. Modalna ngan biwir wungkul (rada jebleh ge bae ah he he..) eta mah rek jadi guru basa asing atawa penerjemah tea. Alhamdulillah, harita taun 90-an di SMA jurusan IPS teh aya pelajaran basa Jepang. Guruna teh bu Rina nu geulis jeung bageur tea. Keur mah sumanget ninggali guruna (punten bu!!), ditambah sumanget hayang bisa basa Jepang, nya diajar teh soson-soson pisan. Nincak kelas tilu, panggih deui jeung pelajaran basa Jepang anu guruna teh bu Ida. Leuwih soson-soson deui da tereh kaluar SMA, nepika dina ijasah teh rek dibere nilei 10, tapi ku wali kelas dikurangan jadi 9 (nu lain mah nilai teh dikatrol, na ari kuring kalahka dikurangan he he...). Cenah, alesanna teh beurat teuing mun dibere nilai 10 teh. Wios bu guru ah...nilai dina ijasah mah da formalitas wungkul nya bu!!

Lulus ti SMA, taun 92 kuring neruskeun ka jurusan basa Jepang di STBA Yapari-ABA Bandung. Malah taun 96 meunang kasempetan diajar sataun di Jepang. Sanggeus lulus taun 99 langsung gawe di perusahaan Jepang jadi penerjemah.

Taun 2000, mimiti gawe jadi guru kursus basa Jepang. Betah jadi guru mah, lain kunanaon... modal spidol atawa kapur tapi berkuasa!! sok wae bayangkeun, kajeun teuing presiden mun asup kursus ka kelas kuring mah, wayahna we kudu ngaregepkeun pelajaran kuring. komo mun dititah ngerjakeun PR mah, kudu dilaksanakeun..kitu deui jadi penerjemah, moal aya wates umurna sarta teu butuh kamampuan pisik atawa penampilan beungeut...kitu tah alesan kuring milih kaahlian basa Jepang teh. Satuju teu satuju, eta mah ceuk kuring...

Jumat, 01 Agustus 2008

Hatur Nuhun kanggo Ibu Euis Kuraesin

Tahun 1980, kuring asup SD. Asup SD teh teu ka TK heula. Jadi, mimiti diajar maca jeung nulis teh nya harita we pas mimiti asup ka SD. Harita nu jadi guru kelas hji teh namina ibu Euis Kuraesin. Ibu Euis teh kacida bageurna, nepika kuring mah anu asalna sieun asup sakola teh jadi asa betah wae. Geus mangtaun-taun kuring can pernah panggih deui jeung ibu Euis teh. Sono pisan, sabab nepi ayeuna ge sok inget wae kana jasa-jasana. Anjeunna nu mimiti ngajarkeun nulis jeung maca teh, kitu oge pelajaran berhitung. Bisa nulis dina blog ieu teh, tangtu pisan aya jasa ibu Euis. Ibu, Teu aya deui anu bade didugikeun kajabi ngahaturkun mangrebu-rebu nuhun. Mudah-mudahan Allah SWT maparinan ganjaran nu manglipet-lipet. Amien....